Pages

Jumat, 12 Februari 2016

CONTO TEKS KARANGAN BAHASAN

NAMA            : FAKHRI FAUZI (11)
KELAS           : IX-B
SEKOLAH     : SMPN 1 PADALARANG
MATA PEL.   : B. SUNDA

 ADAT KAKURUNG KU IGA
            ‘Adat kakurung ku iga’ téh kaasup paribasa wawaran luang nu artina kabiasaan atawa tabéat téh hésé dipiceunna. Anu eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah.
            Ayana éta paribasa téh, sigana mah, lantaran kalakuan goréng sakadang monyét jeung sakadang kelenci. Dongéngna kieu :
            Dina hiji poé, monyét jeung kelenci keur diuk di sisi situ. Kelenci sok ngadéngékeun carita monyét. Tapi aya hiji hal, kelenci ngarasa kaganggu ku kabiasaan monyét, nyaéta sok gagaro mun keur nyarita. Si monyét sok ngagaro sirahna, bulu awakna, nepika ngagaro lengeun kénca jeung katuhuna.
            Monyét gé sok ngobrol jeung kelenci. Ngeunaan hiji hal. Monyét mindeng kaganggu ku kabiasaan kelenci, nyaéta sok ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli ka sagala arah.
            “Hei kelenci, bisa teu manéh eureun tina kabiasaan goréng manéh ?” Ceuk monyét
            “Kabiasaan anu mana ?” Kelenci nanya
            “Eureun ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli manéh nu panjang. Kacida    goréngna éta kabiasaan téh” Jawab monyét
            “Kabiasaan goréng urang ?, Kabiasaan goréng manéh gé aya. Uggal manéh ngobrol jeung urang, manéh sok gagaro. Kahiji manéh ngagaro sirah manéh. Tuluy bulu na awak, nepika lengeun kenca jeung katuhu !” Tembal kelenci
            Tuluy monyét nantang kelenci dina hiji pertandingan.
            “Urang tingali wéh. Urang moal gagaro sapanjang poé ieu, mun manéh kudu eueun ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli sapanjang poé ieu. Ayeuna isuk kénéh. Lamun urang bisa cicing nepika engké magrib. Pasti urang bisa ngaleungitkeun kabiasaan goréng ieu”.
                        Ti poé éta monyét jeung kelenci diuk caricing waé. Monyét teu gerak saeutik-eutik acan. Tapi bulu na awakna karasa ateul. Manéhna hayang ngagaro buluna. Leungeun kenca jeung katuhuna ateul pisan, tapi monyét tetep cicing.
                        Kelenci ogé teu gerak saeutik-eutik acan, tapi kelenci hayang pisan ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceulina ka sagala arah.
                        Akhirna kelenci ngomong ka monyét.
                        “Monyét urang boga ide. Pan urang téh geus diuk lila. Urang geus bosen. Hayu urang ngadongéng bari nugguan waktu.”
                        “Ide alus atuh. Sok manéh heula nu ngadongéng.”
                        “Kamari, pas urang rék datang ka sisi situ jang ngadatangan manéh, urang téh ngambeu bau maung di tukangeun tangkal waringin. Ku sabab kitu, urang téh nyobaan ngangseu ku irung sababaraha kali, tapi euweuh sakadang maung téh. Tuluy urang téh ngadéngékeun sora ‘kekeresekan’, ku urang téh disampeurkeun, ari pék eweuh nanaon. Nya engges wéh urang téh nuluykeun leumpang ka dieu.” Ceuk kelenci.
                        Monyét merhatikeun kelenci nu keur ngadongéng sabari ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli ka sagala arah.
                        Monyét gé ngilu nyarita.
                        “Kamari, pas keur leumpang ka sisi situ, urang manggihan barudak. Salah sahiji barudak éta téh ngabalédogkeun awi ka sirah urang, éh pék téh beunang, pas didieu tah. Budak lalaki tadi ngalungkeun batok jeung pas beunang kana beuteung, jeung dua budak awéwé ngalungkeun batu pas kana leungeun kénca jeung katuhu.”
                        Kelenci jeung monyét seuseurian. Sabab apal nu dilakukeun ku babaturannana.
                        “Nya, éta mémang carita nu alus, tapi manéh éléh dina lomba ieu, monyét. Sabab manéh geus gagaro pas keur nyarita.” Ceuk kelenci.
                        “Nya, carita manéh gé alus, kelenci. Ngan manéh kalahkah ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli ka sagala arah.” Tembal monyét.
                        “Ceuk urang mah, moal bisa diantara urang bisa cicing sapoé jeput. Urang jujur teu bisa eureun ngaleungitkeun kabiasaan ieu.” Ceuk kelenci bari ngagerakeun ceuli ka sagala arah.
                        “Urang gé teu bisa ngaleungitkeun kabiasaan ieu.” Tembal monyét sabari gagaro sirah, tuluy ngagaro awak jeung leungeun kénca katuhuna.
                        Kabiasaan monyét jeung kelenci hésé dileungitkeun. Duanana satuju, mun monyét tetep gagaro jeung kelenci ngagerakeun irung jeung ngangerakeun ceulina.
                        Dongéng diluhur méré pangajaran ka urang, yén kabiasaan jelema téh beda-beda, aya nu ngabogaan kabiasaan goréng aya ogé nu ngabogaan kabiasaan alus. Teu salah mun urang usaha ngarobah kabiasaan goréng jadi alus kawas dongéng monyét jeung kelenci. Tapi biasanamah mun nu ngarana kabiasaan hésé dileungitkeunnana, komo mun kabiasaan nu goréng mah. Tapi ulah nepika sabalikna, nyaéta geus ngabogaan kabiasaan alus dirobah jadi ngabogaan kabiasaan goréng.
  
 

                       
           



0 komentar:

Posting Komentar

 
cursor: url("https://picasaweb.google.com/110667291707517219649/IMAGETUTORIAL2#5729338440284600194"), default;