NAMA : FAKHRI FAUZI (11)
KELAS : IX-B
SEKOLAH : SMPN 1 PADALARANG
MATA PEL. : B. SUNDA
ADAT KAKURUNG KU IGA
‘Adat kakurung ku iga’ téh kaasup paribasa
wawaran luang nu artina kabiasaan atawa tabéat téh hésé dipiceunna. Anu eusina
ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan
babandingan pikeun laku lampah.
Ayana éta paribasa téh, sigana mah,
lantaran kalakuan goréng sakadang monyét jeung sakadang kelenci. Dongéngna kieu
:
Dina hiji poé, monyét jeung kelenci
keur diuk di sisi situ. Kelenci sok ngadéngékeun carita monyét. Tapi aya hiji
hal, kelenci ngarasa kaganggu ku kabiasaan monyét, nyaéta sok gagaro mun keur
nyarita. Si monyét sok ngagaro sirahna, bulu awakna, nepika ngagaro lengeun kénca
jeung katuhuna.
Monyét gé sok ngobrol jeung kelenci.
Ngeunaan hiji hal. Monyét mindeng kaganggu ku kabiasaan kelenci, nyaéta sok
ngagerakeun irung jeung ngagerakeun ceuli ka sagala arah.
“Hei kelenci, bisa teu manéh eureun tina
kabiasaan goréng manéh ?” Ceuk monyét
“Kabiasaan anu mana ?” Kelenci nanya
“Eureun ngagerakeun irung jeung
ngagerakeun ceuli manéh nu panjang. Kacida
goréngna éta kabiasaan téh” Jawab monyét
“Kabiasaan goréng urang ?, Kabiasaan
goréng manéh gé aya. Uggal manéh ngobrol jeung urang, manéh sok gagaro. Kahiji
manéh ngagaro sirah manéh. Tuluy bulu na awak, nepika lengeun kenca jeung
katuhu !” Tembal kelenci
Tuluy monyét nantang kelenci dina
hiji pertandingan.
“Urang tingali wéh. Urang moal
gagaro sapanjang poé ieu, mun manéh kudu eueun ngagerakeun irung jeung
ngagerakeun ceuli sapanjang poé ieu. Ayeuna isuk kénéh. Lamun urang bisa cicing
nepika engké magrib. Pasti urang bisa ngaleungitkeun kabiasaan goréng ieu”.
Ti
poé éta monyét jeung kelenci diuk caricing waé. Monyét teu gerak saeutik-eutik
acan. Tapi bulu na awakna karasa ateul. Manéhna hayang ngagaro buluna. Leungeun
kenca jeung katuhuna ateul pisan, tapi monyét tetep cicing.
Kelenci
ogé teu gerak saeutik-eutik acan, tapi kelenci hayang pisan ngagerakeun irung jeung
ngagerakeun ceulina ka sagala arah.
Akhirna
kelenci ngomong ka monyét.
“Monyét
urang boga ide. Pan urang téh geus diuk lila. Urang geus bosen. Hayu urang
ngadongéng bari nugguan waktu.”
“Ide
alus atuh. Sok manéh heula nu ngadongéng.”
“Kamari,
pas urang rék datang ka sisi situ jang ngadatangan manéh, urang téh ngambeu bau
maung di tukangeun tangkal waringin. Ku sabab kitu, urang téh nyobaan ngangseu
ku irung sababaraha kali, tapi euweuh sakadang maung téh. Tuluy urang téh ngadéngékeun
sora ‘kekeresekan’, ku urang téh disampeurkeun, ari pék eweuh nanaon. Nya engges wéh urang téh
nuluykeun leumpang ka dieu.” Ceuk kelenci.
Monyét
merhatikeun kelenci nu keur ngadongéng sabari ngagerakeun irung jeung
ngagerakeun ceuli ka sagala arah.
Monyét
gé ngilu nyarita.
“Kamari,
pas keur leumpang ka sisi situ, urang manggihan barudak. Salah sahiji barudak éta
téh ngabalédogkeun awi ka sirah urang, éh pék téh beunang, pas didieu tah.
Budak lalaki tadi ngalungkeun batok jeung pas beunang kana beuteung, jeung dua
budak awéwé ngalungkeun batu pas kana leungeun kénca jeung katuhu.”
Kelenci
jeung monyét seuseurian. Sabab apal nu dilakukeun ku babaturannana.
“Nya,
éta mémang carita nu alus, tapi manéh éléh dina lomba ieu, monyét. Sabab manéh
geus gagaro pas keur nyarita.” Ceuk kelenci.
“Nya,
carita manéh gé alus, kelenci. Ngan manéh kalahkah ngagerakeun irung jeung
ngagerakeun ceuli ka sagala arah.” Tembal monyét.
“Ceuk
urang mah, moal bisa diantara urang bisa cicing sapoé jeput. Urang jujur teu
bisa eureun ngaleungitkeun kabiasaan ieu.” Ceuk kelenci bari ngagerakeun ceuli
ka sagala arah.
“Urang
gé teu bisa ngaleungitkeun kabiasaan ieu.” Tembal monyét sabari gagaro sirah,
tuluy ngagaro awak jeung leungeun kénca katuhuna.
Kabiasaan
monyét jeung kelenci hésé dileungitkeun. Duanana satuju, mun monyét tetep
gagaro jeung kelenci ngagerakeun irung jeung ngangerakeun ceulina.
Dongéng
diluhur méré pangajaran ka urang, yén kabiasaan jelema téh beda-beda, aya nu
ngabogaan kabiasaan goréng aya ogé nu ngabogaan kabiasaan alus. Teu salah mun
urang usaha ngarobah kabiasaan goréng jadi alus kawas dongéng monyét jeung
kelenci. Tapi biasanamah mun nu ngarana kabiasaan hésé dileungitkeunnana, komo
mun kabiasaan nu goréng mah. Tapi ulah nepika sabalikna, nyaéta geus ngabogaan
kabiasaan alus dirobah jadi ngabogaan kabiasaan goréng.